Carpon Sunda Pilihan Yang Enak Dibaca

Carpon Sunda|Kunti Gunung Huut

Gek Bu RW Ardi calik dina korsi caket lawang panto dapur. Teup neuteup beungeut Pa RT Abas nu keur diuk dina korsi payuneun Pa RW Ardi, carogena.

Saurna, “Tadi Bi Epon, basa Ibu ngaliwat ka MCK, keur norotos we hareupeun ibu-ibu nu keur nyareuseuh, jiga kacang ninggang kajang.

Nyaritakeun mindeng kaleungitan duit di imahna, cenah dipaokan ku cegik jeung ku tuyul.

Majah basa malem jumaah nu anyar kaliwat, ku Kang Murda kanyahoan eta cegik diudag-udag anjing, lumpatna ka Gunung Huut.

Geus ka dinya mah cenah les ngaleungit. Oge cenah, di Gunung Huut  loba jurig jeung ririwa. Unggal tengah peuting sok aya nu jejeritan tulung-tulungan. Naha enya eta teh, Pa RT?”

cerpen sunda kunti gunung huut

 

“Jurig….?” tembal Pa RT Abas, bari nyerengeh.

“Susukan nu ngait ka eta Gunung Huut, sami barala deuih. Matak pantes bangsa jin baretaheun oge, da puguh bangsa nu kitu mah karesepna di nu hararieum jeung di nu pararoek apan.”

“Tangtosna ge aya, Bu. Eta tilas pabrik pare teh, apan tos mangtaun-taun diculjeunkeun ku nu gaduhna. Sakuriling bungking hararieum ku kakayon nu rajeg teu puguh jajarannana.

Tangkal caringin sareng tangkal karet munding tos jaranggotan. Dapuran awi pating runggunuk teu puguh aturannana.

Huut nu ngunung-ngunung jiga gunung,  tos teu katingali saeutik oge, kahalangan ku eta kakayon. Susukan nu ngait eta Gunung Huut, sami barala deuih.

Matak pantes bangsa jin baretaheun oge, da puguh bangsa nu kitu mah karesepna di nu hararieum jeung di nu pararoek apan.”

 

“Naha Pa RT osok ngadangu, eta jejeritan teh?” Bu RW nanya deui.

“Tara, Bu. Upami sora bueuk sareng tuweuw mah muhun.”

“Ari Bapa teu kengeng wartos kitu?” tanya Pa RT Abas, bari neuteup Pa RW Ardi.

“Wartos naon tea?”

“Mang Murda, salaki Bi Epon, sonten kamari dicandak Pulisi.”

“Dicandak kumaha?” Pa RW, kageteun.

“Muhun ditahan, dicandakna ge leungeunna diborogol.”

“Kutan! Har…, naha ku naon kitu?” Bu RW, ngilu nembrong. Kageteun.

“Duka, mung selenting bawaning angin mah, saurna kalibet togel.”

“Astagfirullaahh…hal adzhiim…!” ceuk Pa RW, bari gogodeg. “Teu sangka atuh nya warga urang aya nu kitu.Riweuh deui bae atuh nya, kampung urang teh.

Geus puguh ku nagara ge teu meunang judi teh, komo ceuk agama mah pan haram hukumna.”

“Numawi, Pa, aya-aya wae.”

“Ari pagawean sapopoena naon?” ceuk Pa RW deui.

“Ngiriditkeun.”

“Ngiriditkeun naon kitu?”

“Ngiriditkeun kupon togel?” jawab Pa RT, bari ditungtungan ku seuri.

“Ih, panyana teh enya?” ceuk Pa RW, sarua bari ditungtungan ku seuri. Kapiasem.

“Manawi, Pa,” ceuk Pa RT, bari ngarenghap heula. “Saur abdi tadi di Gunung Huut, sajabina aya jurigan, oge aya jurig gede huluna,” ceuk Pa RT, bari nyerengeh.

“Na kumaha kitu?”

“Abdi yakin, matak Bi Epon getol ngembar-ngembarkeun ekol-ekolan, eta aya kaitanana jeung salakina, oge jeung Gunung Huut. Supaya nu sanes sarieuneun luntang-lantung ka dinya.

Mipindingan pagawean salakina jeung batur-baturna, ambeh teu katohyan ku nu sejen.”

“Kutan kitu? Jadi di Gunung Huut nu sakitu gareueumanana dipake kagiatan nu teu pararuguh. Boa-boa sok dipake pesta miras jeung narkoba, nya Pa RT?”

Katingali samar-samar di peuntaseun susukan, dina luhureun pinggul pager aya nu ngabelegbeg hideung.

Teu sabaraha lami peledek teh kaambeu bau daun pandan, mani henek kana pangambung.

 

“Terus kumaha?” tanya Pa RW Ardi beuki panasaran.“Rupina mah nya kitu tea, Pa. Nu mawi abdi yakin ayana ekol-ekolan Bi Epon teh.

Wengi Jumaah kamari abdi wangsul nguseup ti Jangari kawengian, jalaran ban motor pengker bitu leresan Kampung Pamokolan.

Atuh abdi kapaksa wangsul teh ngadodorong motor. Bade ditambal heula, tos teu aya tukang tambal ban, da puguh parantos wengi.”

“Tos dugi ka Pabuaran, leumpang teh mengkol malipir ka Gunung Huut. Mapay-mapay jalan satapak sisi susukan. Ceuk emutan abdi ambeh enggal dugi ka rorompok.

Henteu muter teuing cara ka jalan Cikidang.

Kinten-kinten dugi ka palebah tengah-tengah Gunung Huut eta, reg nyenyered motor eureun heula, da di jajalaneun, kinten-kinten sapuluh meteran, katingali jiga aya jalma keur nagog.

 

Sakedapan abdi ngahuleng heula bari tetep lampu motor dihurungkeun. Naha jelema atawa jurig kitu? ceuk gerentes hate.

Atawa nu gelo, sugan? bari kitu teh sora motor digerungkeun. Mun jelema cicing, mun jurig nyingkir siah! Tong ngaheureuyan dewek! ceuk abdi deui ngagorowok.

Jurungkunung eta jalma teh nangtung, bari sukuna teu napak. Rurat-reret, rurat-reret, geuleuyeung meuntas susukan, sup ka jero lelewek Gunung Huut. Les ngaleungit.”

Reg Pa RT Abas ngadongengna eureun heula, bari ngarenghap.

 

“Iyy…! Jurig Gunung Huut tea, nya Pa RT?” ceuk Bu RW, bari nyaketan Pa RW. “Ieu punduk Ibu ngadak-ngadak patingsariak kieu.”

“Terus kumaha?” tanya Pa RW, beuki panasaran.

 

“Tos kitu enggal-enggal abdi mios deui. Bade anjog pisan ka palebah tungtung Gunung Huut, leumpang abdi ngarandeg deui.

Katingali samar-samar di peuntaseun susukan, dina luhureun pinggul pager aya nu ngabelegbeg hideung.

Teu sabaraha lami peledek teh kaambeu bau daun pandan, mani henek kana pangambung.

Panasaran hayang eces, setang motor digilekkeun ka katuhu, ambeh cahaya lampuna nyaangan nu ngabelegbeg.

Ari breh…, horeng siga awewe keur ucang-ucangan, bari ngelel-ngelelkeun letahna. Buukna ngarerewig panjang ngarumbay nutupan beungeut jeung beuteungna.

Panonna oge bolotot jiga buta dina pawayangan. Jigana ngarasa kaganggu kasebrot ku cahaya lampu motor, sakolepat malik, breh teh katingali tonggongna ngagorowong.

 

Geus kitu, gajleng luncat ka susukan.Gejebuuurrr…! Kucuprak-kucuprak! Kukucuprakan bari disada ciak-ciakan, persis sora anak hayam nu leungiteun indungna.

Kunti…! Kunti…! Aya jurig tonggongna gorowong! Ceuk abdi gogorowokan sorangan, bari lumpat nyenyered motor sakuatna.

 

Barang dugi ka tungtung Gunung Huut, reg eureun heula bari renghap ranjug.

Nuju kitu katingali sajorelat, di jero Gunung Huut ngaburinyay cahaya seuneu, jiga aya nu ngahurungkeun korek api. Emh…! ceuk gerentes hate abdi.

Tetela sangkaan aya jurig gede huluna di jero Gunung Huut teh ngabukti.”

 

“Naha ti mana jalanna, bet bisa ka jero.” ceuk Pa RW. “Pan sakurilingna dipager nu sakitu tohaga jeung jangkungna,” pokna deui.

“Nu mawi, Pa. Aya pependakan waktos harita kitu, abdi beuki hoyong enggal-enggal ngayakinkeun, ti mana eta manusa arasupna ka jero Gunung Huut teh.”

“Terus kumaha?”

“Teu dilamikeun deui, kencling enjingna abdi mios ka Gunung Huut, bari ngabantun lambit, mapay-mapay susukan, nyamar ngabeunteur.

Nya kapendak oge tapakna, sihoreng jalanna teh ti susukan beulah kaler, maloncor tina pager kawat nu kengeng ngaguntingan.”

“Horeng kitu nya,” ceuk Pa RW Ardi, bari cruk-crek.

“Saterasna kedah kumaha nya, Pa?” ceuk Pa RT Abas, bari neuteup Pa RW Ardi.

“Isukan mah urang buru-buru laporan ka kalurahan, jeung ka aparat kaamanan. Satuluyna kitu-kieuna mah kumaha aranjeunna bae.”

“Sae atuh, Pa, abdi permios heula,” ceuk Pa RT Abas pamitan, bari sasalaman.

 

Penulis carpon Sunda: Dadaj Hidayat Sjarif

 

Menikmati carpon Sunda di atas? Baca juga carpon Sunda pilihan lainnya dengan klik link yang ada.

Daftar Carpon Sunda

Si Kukut

Keun Bae

Duh Neng Lis

Nu Miang Jarah

Dina Beus

Ririwa Curug Sendok

Tukang Gorengan

Sobat Medok

Cucunguk

This Post Has 10 Comments

  1. Anna

    Seneng banget akhirnya ketemu banyak pilihan carpon sunda

  2. rhync

    halo, carpon sunda disini bermanfaat banget buat aku

    1. Roja

      terima kasih kembali

  3. Jenny

    Bagus bagus banget carpon sundanya

  4. Dee Yan

    Akhirnya nemuin juga carpon yang bagus-bagus

  5. Rheni

    ga perlu pusing pusing bikin carpon sunda lagi deh. lengkap banget contoh carpon sunda di website ini

  6. Ita N

    Pas bener lagi dapet tugas bikin carpon sunda eh ketemu

  7. Mira Hendri

    cakep cakep ya carpon nya

  8. Nita Surita

    carpon paling banyak yang pernah aku lihat nih. asik

  9. Iki

    akhirnya selasai juga tugas bikin carpon sunda pakai yang dari sini

Tinggalkan Balasan