Carpon Sunda Pilihan Yang Enak Dibaca

Carpon Sunda|Si Kukut

Geus teu bireuk deui Aliando teh lalaki nu kiwari keur dipikagandrung ku para awewe.

Tapi Aliando ieu mah lain Aliando artis nu keur tenar kiwari lantaran sinetron Ganteng-Ganteng Srigala téa, puguh ari dedegan jeung kasépna mah nyeplés pisan, teu jauh jeung Aliando artis.cerpenbahasa sunda si kukut

 

Ari ceuk kuring mah keukeuh kasep kénéh Kang Ali, bubuhan Ali nu ieu mah sakampus jeung kuring.

Teu sirikna unggal poe di kampus jadi bahan obrolan barudak awéwé,  da memang budak téh soméah pisan, unggut jeung rengkuh wé ari panggih jeung unggal jelema téh.

Saha atuh anu teu kataji ku Kang Ali. Kaasup kuring jalma normal, lamun nempo lalaki jiga kitu tangtu kataji ku rupa jeung sikepna.

Harita téh kabeneran aya rapat himpunan mahasiswa nu rék madungdengkeun saba budaya ka Tasikmalaya.

Kabeneran manéhna nu jadi ketua panitiana. Basa  keur  nyarita di hareup, kuring teu ngiceup-ngiceup melong ka manehna.

“Ran..ssst…mani anteng nempo Kang Ali cumarita di hareup téh euy..!” bari noél kana pipi.

 

Santi ngagareuwahkeun kuring. “Hiss..ulah gandeng Ti, meungpeung aya kasempetan wé melong.

Alloh téh maha adil nya nyiptakeun manusa téh, éta nempo Kang Ali godégna, halisna, bulu matana, terus biwirna mani beureum..emmhh sampurna wé…” kuring beuki nandeskeun,

yen tatadi téh memang kanyataan kuring keur mencrong Kang Ali téa.

 

“Ulah ngimpi Neng Raniii..saacan ka Rani ogé ka kuring heula kéleuusss…!”ceuk  si  Santi ngaheureuyan.

“Aéh enya kétang Ti, loba nu ngantay ka si Kang Ali mah..jigana tinggal daék wé Kang Alina, awéwé modél Nagita Slavina gé bisa beunang jigana..heuheu..!”

“Ssst…Ran..tuh Kang Ali nanya ka Rani, lain ngalamun wae..” Santi noél deui kana cangkeng méré nyaho yen Kang Ali nitah ka hareup diukna sangkan jadi notulisna cenah.

Gebeg kuring ngarenjag, maenya kuring sih nu kapilihna? Apan masih loba kénéh nu séjén nu bisa jadi notulis mah.

“Cobi Tétéh nu calik dina jajaran katilu, nu ngangge acuk beureum ka payun ah, bantosan abdi janten notulis dina ieu rapat nya” ceuk manéhna.

“Abdi..Kang? Oh muhun mangga..”cekeng bari curinghak langsung ka hareup.

Barang geus di hareup manéhna ngaharewos ”Wios nya dirérépot?”

Batur nu di tarukang tingkarecewis bangun nu timburu pédah Kang Ali ngaharéwos bari imut ka kuring.

 

Rapat rengsé tabuh lima sore. Batur geus baralik, tinggal kuring di rohangan éta sorangan, da rék méréskeun laporan hasil rapat, nu tadi dipancénkeun.

Kang Ali gé sarua geus balik, tapi kacida reuwasna, basa manéhna balik deui ka rohangan, majarkeun konci motor tinggaleun na kolong méja. Atuh jadi muka lawang, deukeutna kuring jeung Kang Ali.

 

“Eh teu acan mulih Téh Rani..?” bari imut.

“Teu acan kapameng sakedik deui supados enggal réngsé.”

“Atos enjing deui waé tos sonten, ké kawengian, ka mana Téh mulihna?”

“Kahandap, da caket..Kang..”

“Alim ah, da kedah tanggel waler panginten abdi gé, masihan padamelan ka Téh Rani, ari abdina wangsul ti payun…yu …énggal, urang sareng..dijajap ka handapna nya..?”

 

Dag-dig-dugna jantung, jeung tagiwurna éta haté teu bisa kagambarkeun waktu harita, rasa atoh pagalo jeung teu percaya.

Lalaki nu jadi obrolan para awéwé di kampus anu pada mikahayang ka Kang Ali, ngadon rék nganteurkeun balik ka imah. Pisakumahaeun éarna para awéwé nu di luar nempoeun kuring diboncéng ku Kang Ali.

 

“Ah bilih ngarerepot Kang, mangga ti payun! Wios abdi mah badé leumpang waé,”

“Hayu..Téh Raniii….!” bari medol leungeun, nyéh imut.

“Ke antos sakedap atuh, mareuman heula laptopna Kang..”

Sapanjang dina motor kuring tungkul, sieun batur narempoeun kuring diboncéng ku lalaki nu dipikagandrungna. Wah bisa ramé isuk di kampus.

“Naha teu nyepengan Téh…? Nyepeng atuh bilih geubis, jalanna awon geuningan,” bari kerewek nyekel leungeun kuring  dikanacangkéngnakeun.

 

Kagiatan saba budaya geus nepi kana waktuna, dina éta kagiatan loba pisan kasempetan kuring jeung manéhna babarengan, majarkeun bapa ketua jeung ibu sekertaris mani tara pajauh.

Lain kuring gedé rumasa, mindeng sababaraha kali katempo manéhna maling teuteup ka kuring lamun rada pajauh, katempo bangun nu embung leupas teuteupan.

Geus loba nu ngomong, Rani jeung Kang Ali papacangan nya? Mani layeut waé katingalina.

Aya ogé nu sinis bari jeung jejebris lamun kuring ngaliwat ka hareupeun maranéhna.

Aya nu karasa béda basa balik ti Tasik téh, lamun teu panggih jeung manéhna sok hayang geura panggih, sanajan ngan saukur nempo ti jauhna gé, geus kaubaran ieu haté.

Kitu ogé Kang Ali bangun aya rasa nu sarua, kabukti manéhna sering ngajak balik bareng.

Tapi bener ceuk Santi, ngimpi meureun kuring nunda rasa ka Kang Ali mah, da kuring mah teu boga rupa nu bisa ngimbangan Kang Ali lamun ké jadi kabogohna.

 

“Téh, engké, saparantos kagiatan ieu réngsé rupina abdi bakal leungiteun Tétéh Sang Sekertaris…..heuheu….!”

Teu éléh kuring malik ngaheureuyan “Ulah sesah Kang, pendakan waé di kampus, abdi tangtos aya waé nalika Akang peryogi mah,”bari semu éra ngedalkeunna.

Isukna saréngsé kuliah, manéhna geus ngadagoan di hareupeun kelas. Tangtu kuring reuwas, aya naon manéhna nyampeurkeun deui.

“Saurna dinten ieu Téh Rani tepang taun nya? Naha mani teu ngawartosan kamari, panginten abdi nyiapkeun kadona?”

“Iiih naha Akang uninga? Paranormal nya? Terang ti mana Kang…?”

 

“Aya…wé..ah..hayuu urang mesér kado..” kerewek deui leungeun téh dibedol.

Clé kuring dina motorna, biur indit teuing ka mana tujuanna.

“Kang..badé ka mana?” panasaran téh can kajawab, sabab kuring dibawa ka pasar.

“Téh Rani..antosan heula nya di dieu, calik palih ditu nu iuh, abdi badé ka lebet heula, pami

Beuki teu ngarti kuring mah kana maksud ieu lalaki teh, na rék méré naon atuh, maké jeung dibabawa ka pasar sagala, rék meuli pasakeun kitu? Atawa bungbuahan..diparsélkeun?

Ah sok gedé rasa, biheung méré hadiah, lalaki kasép jiga Kang Ali mikiran kuring nu tepung taun.

 

“Heeey.. ngalamun waé ih..”Kang Ali ngagareuwahkeun lamunan.

“Atos Kang..baranggaleuh téh?” mani panasaran. “Ngagaleuh naon sih?”

“Yu naék deui, ké nya dibukana di bumi waé, teu kejutan panginten pami dicarioskeun ayeuna mah,” bari clak deui kana motor.

Satepina di imah, nu biasana tara asup heula gé, poé éta mah manéhna daékeun diajak asup. Majarkeun rék méré kado téa.

“Sok geura buka nya kadona ayeuna, abdi badé ngajelaskeun tina eusi kado éta,” bari imut.

Barang muka kado, aya nu anéh tina éta kado, bét disada ciak..ciakan.

“Akang naon éta..?” bari reuwas, bréh téh anak hayam nu dipulas maké warna beureum, anu umurna karék sabulan bijil tina kado.

“Ssst tenang Téh Rani…ulah waka reuwas! Ayeuna Téh Rani cepengan anak hayam éta sing pageuh, abdi badé ngedalkeun maksudna,” bari ngarenghap panjang.

“Siap nya Téh…kieu yeuh…”beuki ngalaunan sorana.

“Abdi badé nitip… haté abdi ka Téh Rani, sapertos Téh Rani anu katitipan miara ieu anak hayam.

Asalna ieu hayam téh memang alit, tapi pami nu miarana getén tangtos bakal ngaageungan,  kitu deui haté abdi nu bakal dititipkeun ka Téh Rani.

Saupami dijaga, dipiarana getén pasti nambih ngaageungan rasa kacinta ogé kadeudeuhna.

Numawi abdi percantén ka Téh Rani tiasa miara haté abdi nu dipiharep moal pegat, tapi ngawujud dugi ka rarabina. Janten hubunganana sareng ieu anak hayam, jadi simbol cinta urang duaan, kahartos maksadna Téh?”

 

Kuring reuwas basa Kang Ali ngedalkeun eusi haténa, make jeung kudu aya hayam nu jadi perantarana, tapi kuring salut ka Kang Ali

batur mah lamun méré kado téh bonéka, atawa cingcin, ieu mah anak hayam anu dijadikeun simbol haténa.

 

“Hayoh waler Téh, naha Téh Rani siap nampi ieu anak hayam.. .aéh maksad téh abdi, janten anu istimewa dina haté?” bari neuteup seukeut bangun aya pangharepan.

“Kang abdi reuwas pisan nguping Akang ngedalkeun eusi haté, sakitu seueur istri anu gareulis langkung ti abdi ngaranti-nganti, naha Akang bet milih abdi?”

“Hiss teu kitu téh ari duriat mah, teu tiasa dipaksakeun kedah ka nu gareulis waé, pikeun abdi mah Tétéh anu tiasa miara haté abdi.”

“Oh..kitu nya Kang? Pami kitu mah abdi nampi katitipan ieu hayamna Kang, tapi lamun paéh, ulah dugi ka haté akang ngiringan paéh nya…? Heuheu..! “kuring seuri leutik. “Urang sebut ieu hayam ku ngaran si Kukut!”

“Satuju pisan Téh si Kukut ngaran nu merenah pikeun hayam éta, kitu oge Téh Rani kedah ngukut haté abdi salamina nya.”

Nuhun Kang Ali, keur kasep nyeples Aliando téh ahirna haténa kapimilik ogé ku kuring. Kut..kut..kut…kut..kut…!!

 

Penulis carpon Sunda: Niknik Dewi Pramanik

 

Suka dengan carpon bahasa Sunda barusan? Nikmati lagi carpon Sunda pilihan berikutnya ya.

Daftar Carpon Sunda

Kunti Gunung Huut

Keun Bae

Duh Neng Lis

Nu Miang Jarah

Dina Beus

Ririwa Curug Sendok

Tukang Gorengan

Sobat Medok

Cucunguk

This Post Has 10 Comments

  1. Anna

    Seneng banget akhirnya ketemu banyak pilihan carpon sunda

  2. rhync

    halo, carpon sunda disini bermanfaat banget buat aku

    1. Roja

      terima kasih kembali

  3. Jenny

    Bagus bagus banget carpon sundanya

  4. Dee Yan

    Akhirnya nemuin juga carpon yang bagus-bagus

  5. Rheni

    ga perlu pusing pusing bikin carpon sunda lagi deh. lengkap banget contoh carpon sunda di website ini

  6. Ita N

    Pas bener lagi dapet tugas bikin carpon sunda eh ketemu

  7. Mira Hendri

    cakep cakep ya carpon nya

  8. Nita Surita

    carpon paling banyak yang pernah aku lihat nih. asik

  9. Iki

    akhirnya selasai juga tugas bikin carpon sunda pakai yang dari sini

Tinggalkan Balasan