Carpon Sunda Pilihan Yang Enak Dibaca

Carpon Sunda|Duh Neng Iis

Layung beureum pasosore, panyurat nalangsana ieu hate, nepikeun ka kiwari kanyaah kuring teu ilang singray.

Inget basa harita layung beureum nyaksian inditna mojang nu dipikacinta.

Lamun anjeunna terang ieu hate masih keneh kabeungkeut pageuh ka anjeuna, teu sugan aya mojang nu lian.

Ngan hanjakal pikeun manehna ieu mah ngan saukur kaheman dunya, manehna meungkeut diri, ngudag-ngudag kabagjaan aherat, neangan cinta nu Maha Suci.

cerpen sunda

 

Kabeh dimimitian basa sore harita, neng Iis menta kuring indit, alesanana urang kudu pada-pada ngabebenah diri heula cenah.

Kuring henteu  nyaho naha neng Iis make  nyokot kaputusan saperti kitu, kuring ngan saukur bisa unggeuk nurutkeun kahayang manehna.

Raray neng Iis katempo hanjelu, tapi manehna nguat-nguatkeun maneh, sabab inditna manehanana pikeun niat anu hade.

 

Sawatara bulan kaliwat, kuring henteu kungsi deui ngadangu bejana, alatan kuring jeung manehna pajauh.

Dina hiji peuting kuring nulis sajak pikeun mahekeun kasono kuring ka neng Iis..

 

“Duh neng Iis..

Mojang anu geulis

Cureuleuk socana, endah rarayna

Ahlak gumeurat pangrias diri

Luhur pangarti, kataji hade budi

Duh neng Iis..

Akang rangseum ku paur

Hariwang anjeun dicangkol batur

Rumaos Akang teu acan luhung

Luhung budi reujeung pangarti

Duh neng Iis..

Kembang kaheman

Papag Akang dina talaga cinta anu munggaran

Talaga anu rengkuh ku endahna ahlak anu ngabaluruh

Duh neng Iis..

 

Ieu kadeudeuh tilam katresna..”

***

Geus lima taun ti harita, bejana neng Iis bakal mere beja lamun manehna geus nyekel gelar sarjana.

Tapi geuning ngan saukur kalangkang lisan. Ayeuna kuring geus sarjana S-2, tiheula kuring jangji ka neng Iis, lamun kuring geus manggih kabagja kuring bakal neang neng Iis.

Tapi kuring kudu neang manehna ka mana, beja ge kuring teu boga.

Kuring mutuskeun rek neang neng Iis ka imahna, kuring tatanya ka sakur-sakur babaturan manehna basa di SMA.

Geus menang beja, poe Saptu kuring mangkat ti Kalimantan tempat kuring dines. Sawatara jam kaliwat,  kuring nepi  ka tanah Pasundan, nyaeta Jawa Barat,

kuring langsung ngajugjug  alamat anu dibikeun ku babaturan neng Iis tea.

Teu lila, eta alamat  teh kapanggih. Kuring nangtung bari ngucap Assalamualaikum di buruan imahna. Anu muka panto teh ibu-ibu tengah tuwuh, nya tuluy kuring teh nanya.

 

“Ibu, dupi neng Iis nyondong? Abdi Ridwan, rerencangan SMA-na.”

“Oh.. neng Iis mah atos teu sabumi deui sareng Ibi Jang. Pami bade nepangan mah ieu alamatna.” Bari nyodorkeun keretas leutik.

 

Kuring buru-buru ngajugjug ka eta alamat.

Srog ka imah anu gedong sigrong, hate kuring ngageretes “Sakeudeung deui kuring bakal panggih jeung neng Iis, mojang anu jadi kembang kaheman kuring,”

cekeng bari nyampeurkeun pos satpam. Satpam anu jaga nyampeurkeun kuring.

 

“Mau cari siapa Pak?”

“Bade ka Iis, ieu  kitu bumina ?”

Satpam rungah-ringeuh bangun nu bingung “Iis? Maksud Bapak Ibu Iis?”

Geuning Satpam teh teu bisaeun make basa Sunda, nya kuring kudu nyaimbangkeun maka basa Indonesia.

“Iya, maksud saya Ibu Iis ada Pak?”

“Oh..ada perlu apa Pak? Ibu Iis sedang keluar. Tapi kalo Pak Danu nya ada, baru saja datang.

”Kuring heran bari reuwas “Pak Danu itu siapa Pak? Bosnya?”

“Loh! Pak Danu kan suaminya Ibu Iis Pak.”

 

Kuring ngajenghok, suku ngadadak rampohpoy, leuleus taya tangan pangawasa. Ieu hate kajida rujadnya ngadenge neng Iis geus jadi milik nu lian.

Duh kaduhung sagede gunung, hanjakal teu diala ti baheula, kadeudeuh kuring  direbut batur. Neng Iis kembang kaheman, ayeuna ngan saukur implengan dina lamunan.

 

Penulis carpon Sunda: Winda Widia

 

Sama dengan carpon Sunda barusan, carpon Sunda yang berikutnya pun tidak kalah menarik lho.

Daftar Carpon Sunda

Kunti Gunung Huut

Si Kukut

Keun Bae

Nu Miang Jarah

Dina Beus

Ririwa Curug Sendok

Tukang Gorengan

Sobat Medok

Cucunguk

This Post Has 10 Comments

  1. Anna

    Seneng banget akhirnya ketemu banyak pilihan carpon sunda

  2. rhync

    halo, carpon sunda disini bermanfaat banget buat aku

    1. Roja

      terima kasih kembali

  3. Jenny

    Bagus bagus banget carpon sundanya

  4. Dee Yan

    Akhirnya nemuin juga carpon yang bagus-bagus

  5. Rheni

    ga perlu pusing pusing bikin carpon sunda lagi deh. lengkap banget contoh carpon sunda di website ini

  6. Ita N

    Pas bener lagi dapet tugas bikin carpon sunda eh ketemu

  7. Mira Hendri

    cakep cakep ya carpon nya

  8. Nita Surita

    carpon paling banyak yang pernah aku lihat nih. asik

  9. Iki

    akhirnya selasai juga tugas bikin carpon sunda pakai yang dari sini

Tinggalkan Balasan