Carpon Sunda Pilihan Yang Enak Dibaca

Carpon Sunda|Dina Beus

Baheula basa keur ngora, kuring sakola ka luar kota anu rada jauh.

Perjalanan ka tempat kuring nyuprih elmu teh kurang leuwih genep jam numpak  beus.

Jadi bisa mulang ka sarakan teh sasemester sakali…

 

Sakali mangsa, kuring balik deui ka sakola saba’da pakanci di lembur. Kuring milih diuk di hareup tukangeun supir.

Diuk teh pangsisina beulah kencaeun supir da tempat nu deukeut jandela mah geus aya nu nempatan.

 

Asalna mah diuk teh biasa we aman teu karasa nanaon, ngan palebah pengkolan diuk teh asa nyorosod,

mun mengkol ka katuhu nyered kanu diuk gigireun,

mun mengkol ka kenca kuring asa rek ngagubrag da teu kahalangan.

Meureun epek tina baju kuring nu rada lesang bahanna. Tungtungna mun aya pengkolan teh kuring sok tipepereket nyekel kana beusi nu  aya tukangeun supir.

 

Hiji waktu, kuring ngareret kana kaca anu biasa ayana luhureun supir. Anu sok naek beus mah pasti apal sok aya kaca luhureun supir.

Panumpang nu diuk di hareup jiga kuring mah pasti jelas katingali kunu di tukang da puguh deukeut ka supir.

Atuh nu ti tukang ge katingali ku kuring sanajan teu pati jelas.

 

Tah, basa kuring teu ngahaja ngareret kana kaca tea, sihoreng aya nu keur melong ka kuring tina kaca eta.

Manehna diuk kahalangan ku tilu korsi ti tempat kuring. Kuring rada reuwas, langsung ngabalieur.

Tapi, panasaran… kuring rada tanggah deui ningali kana kaca, tetela manehna masih keneh ningalikeun kuring.

 

Kuring api-api ningali kaluar bari na hate kukulutus, “Kunaon sih ngan ningalikeun wae?” Asa teu genah cicing aya nu ningalikeun teh, tapi dipikir-pikir, kasep oge ketang.

Hate teu puguh-puguh ujug dungdeng sorangan, tapi kapanasaran hate ditepakeun kana panon nu antukna panon ngareret deui kana kaca.

Eeh.. ternyata manehna masih keneh melong, kuring teu buru-buru ngabalieur, atuh prok weh paamprok teuteup jeung manehna,

kuring rada kerung ka manehna tapi manehna kalah imut, maniiis pisan… Atuh kuring ge ngan wasa males ku imut deui bari buru-buru ngabalieur deui.

 

Kuring jadi mikir, saha nya eta pamuda teh, bisi jelema nu wawuh tapi kuring poho da rumasa kuring mah pohoan.

Salila-lila dipikiran, tapi lapur teu kapikiran saha-sahana.

Antukna kuring ngaluarkeun buku bacaan (da can usum HP harita mah) pikeun miceun kapanasaran anu teu kajawab.

Ku maca mah rada teu inget aya nu merhatikeun wae tina kaca, kuring sieun disebut GR, padahal mah enya.

Salah sahiji kabiasaan kuring lamun naek beus, pasti nundutan.

Harita ge, geus rada lieur maca teh, panon geus lima watt, buku diasupkeun deui kana tas, teu karasa panon peureum, teu inget kanu ningalikeun tina kaca mah, pokona kuring tunduh, teu kuat.

 

Keur tibra kitu, palebah pengkolan kuring ujug-ujug ngagolosor ka sisi, gubraaaaag….!!

Kuring labuh, reuwas kacida, kuring buru-buru cengkat tuluy diuk deui.

Teu kabayang beureumna beungeut kuring harita, kuring teu hayang ngareret ka sisi, ka gigir, ka hareup, ka tukang, komo ngareret kana kaca mah, duh…..!!!

 

Penulis carpon Sunda: Yushi Multihaz

 

Tidak kalah dengan cerpen bahasa Sunda tadi, carpon Sunda pilihan di bawah ini juga seru lho.

Daftar Carpon Sunda

Kunti Gunung Huut

Si Kukut

Keun Bae

Duh Neng Lis

Nu Miang Jarah

Ririwa Curug Sendok

Tukang Gorengan

Sobat Medok

Cucunguk

This Post Has 10 Comments

  1. Anna

    Seneng banget akhirnya ketemu banyak pilihan carpon sunda

  2. rhync

    halo, carpon sunda disini bermanfaat banget buat aku

    1. Roja

      terima kasih kembali

  3. Jenny

    Bagus bagus banget carpon sundanya

  4. Dee Yan

    Akhirnya nemuin juga carpon yang bagus-bagus

  5. Rheni

    ga perlu pusing pusing bikin carpon sunda lagi deh. lengkap banget contoh carpon sunda di website ini

  6. Ita N

    Pas bener lagi dapet tugas bikin carpon sunda eh ketemu

  7. Mira Hendri

    cakep cakep ya carpon nya

  8. Nita Surita

    carpon paling banyak yang pernah aku lihat nih. asik

  9. Iki

    akhirnya selasai juga tugas bikin carpon sunda pakai yang dari sini

Tinggalkan Balasan