Carpon Sunda Pilihan Yang Enak Dibaca

Carpon Sunda|Ririwa Curug Sendok

Bakri, Sabri, jeung Nandi, ti tas rengse salat Isa geus araya di garduh ronda ka RT-an 02/RW 20, Kampung Tugusari, Desa Sukahati, sanajan manehna lain giliran ngaronda.

Sok ngadon arulin maen damdaman atawa catur. Iwal Nandi, budak nu karek lulus ti SMA.

 

Malem Jumaah ieu, manehna karek ngaronda teh ngabadalan bapana, ku sabab gering.

Teu sabaraha jauh ti eta garduh ronda, aya curug. Ngaranna Curug Sendok, pernahna di sisi jalan, liliwatan ojeg jeung treuk keusik.

Antara Kampung Salaeurih jeung Kampung Panyusuhan.

cerpen bahasa sunda

 

Di lelewek eta curug, pasosore sok loba barudak arulin, komo budak nu keur sengserang panon mah, ceuk babasaan tea mah, euweuh sore nu kaliwat.

Ngan sanggeus aya awewe tukang gorengan maot, katabrak treuk keusik di deukeut eta curug,

saurang oge tara aya nu wanieun ngulampreng ulin cara sasari, sabab cenah eta awewe sok ngaririwaan.

Sanggeus aya awewe tukang gorengan maot, katabrak treuk keusik di deukeut eta curug, saurang oge tara aya nu wanieun ngulampreng ulin cara sasari, sabab cenah eta awewe sok ngaririwaan.

“Wayah kieu, Mang Janan jeung nu sejenna can daratang?” ceuk Nandi bari luak-lieuk.

“Bisana ge sok geus tabuh sawelasan ka darieuna teh,” ceuk Bakri, bari panonna mah tetep museur kana papan damdaman.

“Komo Mang Suma mah tabuh dua welas karek hol, pan dagang bajigur heula, mapay-mapay kampung,” ceuk Sabri.

 

“Dam!” ceuk Bakri.

“Mana?” tanya Sabri.

“Eta di juru teu didahar?”

“Euh, enya,” ceuk Sabri, bari nyerengeh.

“Ayeuna teh malem Jumaah nya?” ceuk Nandi bari hemar-hemir.

“Enya, na kumaha kitu, Nan?” ceuk Bakri bari ngareret ka Nandi.

“Sok loba kacaritakeunnana, geuning.”

“Kacaritakeun naon kitu?”

“Pan ceuk Kang Bakri keneh, unggal malem Jumaah mah hareupeun Curug Sendok eta sok aya awewe ngaririwaan.”

“Ah, Nandi mah…, baheula eta mah, basa anyaran awewe maot tea. Ayeuna mah tara aya nanaon atuh!”

“Anggur teang Daman, Nan!” ceuk Sabri bari ngalieuk ka Nandi. “Ambeh aya batur maen catur. Meungpeung beurang keneh!”

 

“Iiiyy…, alim teuing Kang Sabri, ngaliwatan Curug Sendok mah. Sieun ririwa…!”

“Na ari Nandi, borangan teh beak ku sorangan. Siga awewe wae,” ceuk Sabri deui.

Barang Bi Anis nepi ka palebah Curug Sendok, cenah kadenge aya awewe gegeroan ibi-ibian.

Barang dilieuk, bet euweuh jirimna. Ningali kaayaan kitu, Bi Anis teu panjang pikir deui, lung sendal capitna dialungkeun, porosot samping kebatna dilaan,

tinggal make calana kulot.

 

“Ku pararoek geuning palebah curug mah. Euweuh nu hayangeun masang listrik!”

“Komo ayeuna Nandi, tas naek BBM,” ceuk Bakri. “Saha nu daek masang atuh, pan beubeulieun oge milu naraek. Sakeudeung deui ge, listrik jeung gas naek geura.

Matak rayat mah beuki ripuh nu aya.”

“Ka Pa RT atuh, Nan! Sugan we aya roko jeung kopi.”

 

“Alim ah, sieun pendak jeung Neng Aufia nu geulis tea,” tembal Nandi bari nyerengeh.

“Na…, ari Nandi! Dititah neang Daman sieun ku ririwa. Dititah ka Pa RT sieun ku nu geulis. Aneh-aneh wae ente mah,” ceuk Sabri bari nyeuleukeuteuk seuri.

“Sieun bogoh, Ri! Neng Aufia tea tuda, keur geulis teh agamis, tara lesot tina jilbab. Keur mah turunan menak bari beunghar.

Hiji istri nu teuneung ludeung. Sigana keuna kana paribahasa, indung lembu bapa banteng teh,” ceuk Nandi bari mesem.

 

“Ceuk Akang ge Nan, baheula sok aya ririwa teh, ayeuna euweuh!” ceuk Bakri, tandes.

“Geuning ceuk Bi Anis, indung beurang urang Salaeurih, anyar keneh kacaritakeun, cenah basa tas nulungan nu ngajuru.

Harita teh cenah memeh Isa. Kapaksa balik teh leumpang bari sieun-sieun oge, da rek kana ojeg, areusian wae.

Barang Bi Anis nepi ka palebah Curug Sendok, cenah kadenge aya awewe gegeroan ibi-ibian.

Barang dilieuk, bet euweuh jirimna. Ningali kaayaan kitu, Bi Anis teu panjang pikir deui, lung sendal capitna dialungkeun, porosot samping kebatna dilaan, tinggal make calana kulot.

Becir ngabecir bari gegerewekan tulung-tulungan jiga jelema nu teu eling, cenah.”

 

“Ah, bohong eta mah!” ceuk Sabri.

“Enya, can lila deuih cenah, ceuk Mang Sura geuning, tukang ojeg nu sok mangkal di Pasar Beas, ngadongengkeun, harita teh cenah tengah peuting,

malem jumaah bulan sapar katompernakeun. Meunang panumpang duaan nu rek balik ka Panyusuhan.

Keur balikna, palebah parapatan Munjul, di jalan anyar tea, aya awewe megat, bari ngajingjing keresek.

Ku Mang Sura keresekna dikaitkeun di hareup, handapeun stang. Gek eta awewe diuk dina sadel, gep dampal leungeun duanana nyekel pageuh kana beuteung.

Sieun labuh meureun,” ceuk gerentes hate Mang Sura.

 

Motor distater, ngageuleuyeung maju. Sanggeus ngaliwatan pengkolan Tugu Asem, teu sabaraha lila ge ge jog anjog ka palebah Curug Sendok.

Aneh, dak dumadak motor eureun sorangan teu puguh, jiga aya nu mangngeremkeun. Atuh suku Mang Sura roroesan nahan motor.

Tah bareng jeung motor eureun, leungeun eta awewe nu muntang pageuh teh, ngadak-ngadak jadi teu karasa deui, nya kitu deui motor karasana jadi hampang.

Panasaran cenah, dilieuk ka tukang, bet eta awewe ngaleungit, teuing ka mana lesna.

Leungeun eta awewe nu muntang pageuh teh, ngadak-ngadak jadi teu karasa deui, nya kitu deui motor karasana jadi hampang.

Panasaran cenah, dilieuk ka tukang, bet eta awewe ngaleungit, teuing ka mana lesna.

 

Seak bulupunduk Mang Sura patingsariak tiris. Jantung jadi ratug tutunggulan.

Rarasaan jadi teu pararuguh rasakeunnana. Buru-buru motor ku Mang Sura dihirupkeun deui.

Sajeroning ngahirupan motor, ari peledek teh cenah, bau bangke. Buru-buru motor digas satarikna, biur ngabiur ka tebeh kulon, muru pangkalan ojeg Pasar Beas.

 

Barang nepi ka pangkalan ojeg, gubrag motor digubragkeun. Goloyoh awak Mang Sura ngagoloyoh kana bale-bale pangreureuhan tukang ojeg, guprak awakna ngaguprak. Lenggerek kapaehan, teu eling di bumi alam.

 

Sanggeus diparancahan ku babaturan tukang ojeg deui, kulisik Mang Sura ngulisik eling deui.

Gek diuk bari puluhak-polohok, geus kitu, teup panonna ningali kana keresek nu ngagantung keneh dina motor, “Euh…,euh…!” pokna bari nunjuk kana keresek.

Ku babaturan Mang Sura eta keresek dicokot, bray dibuka, ari breh taneuh beureum.

 

Ningali kaayaan eusi keresek taneuh beureum, golepak deui Mang Sura ngajejepat kapaehan.

Tah cenah ti tas aya kajadian kitu, Mang Sura tara ngojeg peuting, kapok basana teh.

 

“Enya, dongeng baheula eta mah, ayeuna mah geus tara aya nanaon,” ceuk Bakri bari ngareret ka tebeh kidul.

Ningali Mang Janan leumpangna ngeteyep bari dodongkoan muru ka tukangeun garduh, jigana rek nyingsieunan, ceuk pikirna.

“Tuh Kang Bakri, ayeuna geus tabuh sawelas leuwih, tapi can kadarieu nu rek ngaronda teh,” ceuk Nandi bari ningali kana erlojina.

“Moal lila ge daratang geura, nya Sab?” ceuk Bakri bari ngiceupan.

Sakedapan jep jempling, euweuh nu ngomong sakemek oge.

Keur jempling kitu mimiti Mang Janan nyingsieunan, ngagaruk-garuk bilik garduh, jigana mah ku panakol kohkol awi.

Ngadenge sora bilik di pipir aya nu ngagaruk-garuk, Nandi ngarenjag reuwaseun.

“Ngiluan kuring damdaman, Ujang…!” ceuk Mang Janan deui. Sorana ngirung.

Nandi curinghak, bari ngalieuk ka palebah datangna eta sora. Katingalina beuki sieun. Geus kitu ret ka Bakri, ret ka Sabri. “Kang Bakri…!” Pokna, sorana haroshos.

“Euh…!” ceuk Bakri bari neuteup beungeut Nandi. Pipina kembu nahan piseurieun.

Beuki lila katingali Nandi beuki galideur. Na…, ari gajleng teh luncat ka buruan garduh. Tuluy ngabecir lumpat notog-notogkeun maneh jigana mah terus balik ka imahna.

 

“Amang ieu mah, Nandi! Lain ririwa!” ceuk Mang Janan ngagorowok.

“Na…,ari Mang Janan nyingsieunan batur teh,” ceuk Bakri jeung ceuk Sabri meh bareng, bari ditungtungan ku tingbarakatak seuri.

 

Penulis carpon Sunda: Dadaj Hidayat Sjarif

 

Yuk lanjut lagi menikmati carpon Sunda selanjutnya lewat link cerpen bahasa Sunda di bawah ini.

Daftar Carpon Sunda

Kunti Gunung Huut

Si Kukut

Keun Bae

Duh Neng Lis

Nu Miang Jarah

Dina Beus

Tukang Gorengan

Sobat Medok

Cucunguk

This Post Has 10 Comments

  1. Anna

    Seneng banget akhirnya ketemu banyak pilihan carpon sunda

  2. rhync

    halo, carpon sunda disini bermanfaat banget buat aku

    1. Roja

      terima kasih kembali

  3. Jenny

    Bagus bagus banget carpon sundanya

  4. Dee Yan

    Akhirnya nemuin juga carpon yang bagus-bagus

  5. Rheni

    ga perlu pusing pusing bikin carpon sunda lagi deh. lengkap banget contoh carpon sunda di website ini

  6. Ita N

    Pas bener lagi dapet tugas bikin carpon sunda eh ketemu

  7. Mira Hendri

    cakep cakep ya carpon nya

  8. Nita Surita

    carpon paling banyak yang pernah aku lihat nih. asik

  9. Iki

    akhirnya selasai juga tugas bikin carpon sunda pakai yang dari sini

Tinggalkan Balasan