Carpon Sunda Pilihan Yang Enak Dibaca

Carpon Sunda|Tukang Gorengan

Ti harita kuring jarang panggih jeung Kang Arman. Mun mangkat sakola oge tara kasampeur deui.

Mun si Lilis nanya “Ai Kang Arman ka mana nya? Kuring mah ngan ukur bisa gideug.

carpon sunda

 

Wanci janari, awak kuring geus digeubig-geubig ku ema dihudangkeun.

Lugay tina pangsarean, kuring langsung nyokot anduk muru ka cai.

Sarengsena mandi jeung solat subuh, kuring langsung ka dapur mantuan ema nyieunan gorengan, kayaning bala-bala, karoket, jalabria, jeung sajabana nepi ka tabuh satengan genep.

Kira-kira tabuh satengah tujuh,  ti luar Lilis geus gegeroan nyampeur kuring.

 

“Aaasiiihhh….. hayuuu…!” ceuk si Lilis bari lunga lengo kana lawang panto.

Kacida pisan tunggarana ditinggalkeun kunu jadi bapa harita, dunya asa kiamat teu sirikna mah, tapi takdir teu bisa dipungkir kadar teu beunang disinglar papasten anu tumiba.

“Nya, dagoan sakeudeung lis,  ieu keur kagok,” cekeng bari gura-giru nalian sapatu.

Bral kuring jeung Lilis lumampah muru sakola. Jarak sakola ti lembur kuring memang teu pati jauh cukup ku leumpang.

Sabenerna mah salian ti hemat, alias teu kudu ngaluarkeun ongkos tapi sangkan euweuh lengkah anu kapiceun we.

Da sabari lumampah teh kuring sapaparat jalan teu eureun-eureun nanawarkeun gorengan ka unggal suhunan anu kaliwat.

 

“Goorengaaaannn…., goorengaaannn….!” Teu era sanajan kasebutna budak sakola tapi sakalian jadi tukang gorengan ongkoh.

Mimiti dagang gorengan teh ti saprak nu jadi bapa maot. Harita teh kuring karek kelas dua SMP.

Bapa gering parna, ceuk dokter mah cenah bapa teh kaserang panyakit liper.

Tatamba mah tatamba ka ditu ka dieu, tapi geus gurat ti Nu Kawasa bapa kudu mulang ka Anjeunna.

Kacida pisan tunggarana ditinggalkeun kunu jadi bapa harita, dunya asa kiamat teu sirikna mah, tapi takdir teu bisa dipungkir kadar teu beunang disinglar papasten anu tumiba.

Euweuh deui carana pikeun ngubaran hate anu tunggara lintang ti kudu ikhlas, pasrah kana takdir Pangeran.

 

Kulantaran nu jadi bapa geus teu aya dikieuna, nya pikeun nyiar rejeki jang biaya hirup sapopoe oge jang ngawaragadan sakola kuring,

ahirna ema nyieun tarekah ku jalan dagang gorengan.

Sabenerna mah ema oge kungsi jadi buruh pabrik ngan nyaeta kitu we aya pisan halanganana, malum kaayaan awewe meureun, abong awewe anu kasebutna dulang tinande.

Balik deui we kana usaha dagang gorengan. Ngan kabeneran we dina kaayaan hirup nunggal teh, ema ukur boga budak ngan hiji-hijina nyaeta kuring, jadi teu loba biayaeun.

Tah ku halna sakitu  mun lain kuring nya saha deui atuh nu rek mantuan ema.

 

Alhamdulillah kuring pareng boga cs beda kelas nyaeta si Lilis, hiji budak anu bageur, pinter, geulis ngan hanjakal sakapeung mah sok rada ngerakeun ongkoh.

Tapi parendene kitu, si Lilis sok rajeun ngabantuan dagang gorengan, nanawarkeun ka unggal tatangga.

 

Teu kacatur lila di jalanna,  kuring duaan nepi ka sakola.

Kulantaran salah sahiji aturan sakola teh  teu dimeunangkeun siswa atawa siswi mawa dagangan ka kelas, nya gorengan teh ku kuring dipihapekeun ka kantin bi Iroh.

Biasana di kelas mun isuk-isuk can aya guru, kuring sok ngaguntingan kertas atawa koran jang bungkas-bungkus gorengan.

Ti luar breh ka tempo si Lilis rawah-riwih lulumpatan nyampeurkeun kuring.

 

“Asiihhh, Asih nyaho teu ieuh, nyaho teu? Kang Arman Sih Kang Arman?” Bari ngageubig-geubig leungeun kuring, atuh brul kertas teh amburadul ngalayah kana bata.

Duh Gusti Nu Agung, era kacida kuring ku kalakuan si Lilis. Mani teu bisa ngajaga rusiah pisan, comel ih. Teu kireum-kireum nyarita teh.

“Naon ieu teh Sarkolis? Riweuh ih di dinya mah…!” Cekeng bari mulungan deui kertas anu ngalayah na bata.

“Euuuhhh, ka mana wae atuh ieu mah heeeyyy. Yeuh nyaho teu, Kang Arman teh geus putus jeung Teh Lia.

Di kelas Lilis mah bieu rame pada ngobrolkeun eta, teu sirikna mah geus jadi trending topic di sakolaan urang ayeuna,” bari gegeberan make kipas,

duh mani surup jiga ibu-ibu tukang ngagosip.

 

“Nya terus naon hubungana atuh jeung kuring..?” Cekeng panasaran.

“Alah tong sok kitu lah, da Lilis oge apal yen di dinya teh resep pan ka Kang Arman, hayoohhh. Ehem…” Bari wel nyawel gado kuring.

Duh Gusti Nu Agung, era kacida kuring ku kalakuan si Lilis. Mani teu bisa ngajaga rusiah pisan, comel ih. Teu kireum-kireum nyarita teh.

Atuh ku barudak sakelas pada ngaadeuy-adeuy ka kuring.

 

“Ssssttt.! Ih Lilis jempe atuh. Di dinya mah mani comel pisan ih..!” Cekeng bari nahan ka era.

Ti saprak harita meunang beja ti si Lilis, sabenerna mah era ongkoh, bungah ongkoh. Erana, nyaeta ti saprak kajadian harita, kuring asa panas ceuli pada ngaromongkeun.

Duh sok paur we nepi ka jinisna nyeta Kang Arman. Ari bungahna, ngaranna oge hate atuh dipangpalerkeun oge hese.

 

Memang Lilis teu salah yen kuring teh bener mikaresep ka Kang Arman.

Harita basa munggaran amprok jeung Kang Arman teh basa jaman di MOS, kabeneran mentor kuring nyaeta Kang Arman jeung Teh Lia.

Mojang mana atuh anu moal resep ka Kang Arman. Salian ti kasep, bageur, anggota OSIS, kapten basket ongkoh, katurug-turug putra tunggal Bapa Camat.

Matak wajar loba nu resep atawa barogoheun ka Kang Arman, kaasup kuring.

 

Tapi saenggeus apal yen Kang Arman teh geus boga bebene, nyaeta Teh Lia tea, asa rada ngareunteut hate teh.

Barina oge atuh ah karek mah asup sakola geus rusuh mikiran nu kararitu, anggur mah diajar anu bener.

Cekeng ngubaran hate. Jeung asa ku pamohalan atuh kuring bisa jadi bebene Kang Arman beh dituna ngajodo jeung anjeunna.

 

Manehna mah jalma jeneng, bru di juru bro di panto ngalayah di tengah imah istuning jalma beunghar pokona mah.

Ari kuring naon atuh? Piraanan oge tukang gorengan, kari-kari bogoh ka Kang Arman, sarua jeung pacikrak ngalawan merak, jog-jog nelen buah loa.

Mun eling kana hal eta, gubrag kuring kana pangsarean, ngan ngagugulung guguling nu dipake tilam kaeling.

 

Isukna jiga biasa kuring mangkat ka sakola bareng jeung si Lilis, bari nanawarkeun gorengan.

Palebah pengkolan “tid…tiiiidd…..” beg kuring jeung Lilis ngagebeg reuwas ku sora klakson mobil eta.

Barang direret ka tukang breh katempo hiji jajaka anu geus teu asa-asa deui dedeg pangadegna. Emh Gusti yakin ieu teh Kang Arman.

 

“Eh, Asih…Lilis. Hayu atuh sareng sakantenan mangkatna,” cek manehan bari semu imut anu ngagelenyu. Duh Gusti eta soanten anu dipisono. Bener we barang muka kacamatana ieu teh geuning Kang Arman.

Palebah pengkolan “tid…tiiiidd…..” beg kuring jeung Lilis ngagebeg reuwas ku sora klakson mobil.

Barang direret ka tukang breh katempo hiji jajaka anu geus teu asa-asa deui dedeg pangadegna.

“Ieuh, hey Asih. Eeeehhh kalah anteng sorangan ieu mah. Tuh cenah bade sareng moal?” ceuk si Lilis bari nepak taktak kuring. Beg kuring ngagebeg.

Duh Gusti Nu Agung geuning kuring kalah anteng nyawang lamunan.

“Eehh, euuhh… Hah. Emmmhhh, pan Lilis kuring teh rariba ku barang dagangan atuh ah,” ceuk kuring semu ngaharewos.

“Ah, gampang atuh! Dagangan mah keun bae ku Lilis di tukang. Tah Asih diukna di hareup ehem….jeung Kang Arman.

Buru lah bisi kabeurangan yeuh, beu, make aya deheman sagala eta si Lilis, jeung jol giriwil dibawa dagangan kuring kana mobil.

Duh Gusti ngerakeun teh mani naker maneh mah Lilis.

 

“Muhun bilih kasiangan, hayu atuh Asih,” Ceuk Kang Arman bari mukakeun panto jang kuring.

Kapaksa atuh kuring jadi milu. Keur mah hate teh emang hayang sabenerna mah, katambah si Lilis ngajalanan, nya puguh we atuh.

 

Ti saprak harita unggal mangkat sakola pasti weh kasampeur ku Kang Arman.

Unggal basa-basi rek nolak, unggal si Lilis ngagiriwil nyokot dagangan kuring kana mobil Kang Arman.

Beuki lila beuki teu asa-asa deui, antukna mah kuring oge beuki akrab we jeung Kang Arman teh.

 

Sakali mangsa kuring mangkat ka sakola teu bareng jeung si Lilis, da manehna ijin teu sakola rek nganjang ka ninina cenah.

Nya jiga biasana kuring kasampeur ku Kang Arman.

Sajeroning di perjalanan kuring jeung Kang Arman ngobrol ngaler-ngidul ti mimiti ngabahas pelajaran nepi ka dangdutan jeung artis idola.

Tungtungna mah Kang Arman ngajak ketemuan jeung kuring, engke samulang sakola cenah di Taman Situ.

 

Tadina mah rek nolak, da salian rada jauh teh kuring can bebeja ongkoh ka nu jadi kolot nyaeta ka ema.

Tapi manehna maksa keukeuh, pokna teh aya nu bade diobrolkeun hal anu penting cenah.

Kuring jadi panasaran aya naon sih make kudu aya hal anu penting sagala, padahal mah obrolkeun we ayeuna atuh. Cek gerentes hate.

 

Samulang sakola, kuring langsung nyampeur dagangan di kantin bi Iroh. Bener we Kang Arman geus ngajanteng deukeut mobilna nungguan kuring.

Mangkat weh caritana kuring jeung Kang Arman, bari hate mah keukeuh mamawa kapanasaran.

 

Sanepina di Taman Situ, kuring dibawa Kang Arman muru bangku anu nyanghareup pas kana situ.

Di tengah-tengah situ katempo dua papatong anu hiber luhureun cai. Silih udag ka ditu-ka dieu, siloka bungahna anu keur papacangan.

 

Can ge nepi kana bangku anu dituju, Kang Arman ujug-ujug ngasongkeun mawar bodas.

Alah, kuring reuwas aya naon yeuh? Kang Arman ngadadak romantis kieu, make ngasongkeun mawar bodas sagala. Jeung ti mana ieu kembang teh.

Da rarasaan mah ti barang turun tina mobil oge Kang Arman teh teu mawa nanaon. Jeung naha make mawar  bodas, lain mawar beureum, gerentes hate kuring.

 

“Asih, ieu kanggo Asih..” ceuk Kang Arman. Bari nyekel leungeun  kuring, maksudna mah sangkan kuring narima eta kembang.

 

Beg, jantung kuring ratug tutunggulan. Antara reuwas, panasaran jeung bungah. Eta rasa anu ngagalura dina hate kuring harita.

 

“Ieu teh naon Kang maksadna…? Asih mah teu ngartos,” ceuk kuring, bari melong Kang Arman.

Pasemon Kang Arman jiga anu bungah nempo kuring. Katempo tina imutna anu teu eureun-eureun nyingraykeun kumisna anu ipis.

 

“Asih, saleresna Akang teh bogoh ka didinya ngan Akang teu wani pok da Akang era.

Sieun Asih teu bogoh ka Akang, sieun Asih jadi ijid ka Akang. Nya salila ieu Akang teh jempe bae.

Tapi kulantaran Akang rek pindah ka Jakarta. Akang ngawawanikeun maneh balaka ka Asih.

Da Akang sieun teu panggih deui jeung Asih, nya ari geus kieu mah Akang ge rada tenang.

Sok sanajan Asih nampik cinta Akang, tapi anu penting pikeun Akang, geus balaka ka Asih,”  Kang Arman nyaritana bari dumareuda bangun anu sedih.

 

Duh ya Alloh Gusti, ngadangu sasauran Kang Arman model kitu kuring ngadadak leuleus.

Aya bagja teu daulat tea ieu mah. Naha Kang Arman teh mani karek balaka yen boga rasa anu sarua jeung kuring.

Jeung naha balakana teh pedah rek euweuh. Na ari Kang Arman, didinya teh pan lalaki naha mani euweuh kawani. Ceuk kuring ngajejeleh dina hate.

 

“Akang, sateuacana Asih nuhun pisan kana kabageuran Akang. Asih teu apal yen Akang neundeun rasa ka Asih. Tapi naha Kang?

Naha Akang karek ayeuna balaka ka Asih nalika Akang rek euweuh.

 

Naon maksudna Kang?” Ceuk kuring bari teu karasa reumbay ku cimata.

“Ceuk Akang oge tadi Asih, Akang teh sieun,” Kang Arman bari tungkul.

“Sieun naon Kang?” Kuring motong omongan Kang Arman.

“Sieun ditolak ku Asih?Sieun Asih ijid ka didinya? Yeuh Kang, masalah ditolak mah eta resiko.

Pan Akang oge apal meureunan. Kudu sajati atuh Kang jadi lalaki teh, lain loba kasieun.

 

Naha di dinya geus apal Asih rek narima atawa henteu, hah?” Ceuk kuring ngaluarkeun kabeh unek-unek anu aya dina jero hate.

“Muhun Sih, Akang apal, Akang rumaos lepat, Akang hampura Sih.

Da ceuk tadina mah Akang teh moal balaka.

Keun bae ieu katresna teh rek ditunda we dina jero hate, ngan saakangeun wungkul nu apalna,” Kang Arman semu nginghak. Kuring reuwas kunaon Kang Arman make ceurik.

 

“Wios Kang, ayeuna mah Asih tos apal yen Akang teh boga rasa ka Asih. Berarti Akang tenang teu kudu mikiran Asih.

Mangga Kang, mangga Akang bade pindah mah,” ceuk kuring satengah nyungkun bari neuteup ka tengah situ.

“Tapi Sih, kumaha? Akang ditampi atawa henteu?” Ceuk Kang Arman.

“Kang, ceuk Asih oge tadi nuhun pisan yen di dinya neundeun rasa jeung cinta ka Asih. Tapi pan puguh Akang teh rek pindah ka kota. Jadi sok we Kang, da moal bener urang papacangan ti kaanggangan mah. Pasti bakal loba gogodana, ceuk kuring, bari teu eureun-eureun  cimata maseuhan pipi.

“Sih, Akang jangji, Akang moal sulaya. Sok sanajan urang papacangan ti kaanggangan. Akang tetep bakal satia ka di dinya,” Kang Arman bari nyekel leungeun kuring.

 

“Punten Kang, sanes Asih teu percaya ka di dinya. Najan sabenerna Asih oge bogoh ka di dinya.

Tapi da Asih mah yakin ieu teh moal bener. Asih mah alim Kang kudu kieu mah.

Jeung deuih mana teuing jadi wiwirang di kolong catang pikeun kulawarga Akang mun seug apaleun yen Akang bobogohan jeung Asih, budak tukang gorengan.

Punten Kang sakali deui ieu teh moal bener da.

Tapi Akang tong sedih, Asih yakin Akang bakal meunang istri anu sagalana leuwih ti Asih,” ceuk kuring bari ngusapan cimata ku sarung tangan.

Kang Arman mah bati tungkul yen kuring nampik cintana. Unggut-unggutan nandakeun ngarti maksud kuring.

 

Ti harita kuring jarang panggih jeung Kang Arman. Mun mangkat sakola oge tara ka sampeur deui.

Mun si Lilis nanya Kang Arman ka mana, kuring mah ngan ukur bisa gideug.

 

Samemeh pindah ka Jakarta, Kang Arman ngahaja nepungan kuring.

Pokna teh kuring kudu sabar nungguan manehna beres sakola ti paguron luhur rek nepungan ema jang mileuleuheungkeun kuring.

 

Tapi jangjina teh sarua jeung umur mawar bodas nu dibikeun harita tea.

Robah mangsa ganti poe ilang bulan kurunyung deui taun. Kitu jeung kitu nepi ka kuring beres sakola jeung boga gawe.

Tapi panto imah can pernah diketrok ku lalaki anu ngaran Arman.

 

Ka mana anjeun Kang? Duh mani lawas ti lawas teu tepung, naha inget keneh atawa henteu nya ka Asih? Kuring nanya dina jero hate  bari mepende budak kuring anu kadua

 

Penulis carpon Sunda: A.Y Sunandar

 

Teruskan membaca cerpen bahasa Sunda yang ada di bawah lewat link carpon Sunda yang ada ya.

Daftar Carpon Sunda

Kunti Gunung Huut

Si Kukut

Keun Bae

Duh Neng Lis

Nu Miang Jarah

Dina Beus

Ririwa Curug Sendok

Sobat Medok

Cucunguk

This Post Has 10 Comments

  1. Anna

    Seneng banget akhirnya ketemu banyak pilihan carpon sunda

  2. rhync

    halo, carpon sunda disini bermanfaat banget buat aku

    1. Roja

      terima kasih kembali

  3. Jenny

    Bagus bagus banget carpon sundanya

  4. Dee Yan

    Akhirnya nemuin juga carpon yang bagus-bagus

  5. Rheni

    ga perlu pusing pusing bikin carpon sunda lagi deh. lengkap banget contoh carpon sunda di website ini

  6. Ita N

    Pas bener lagi dapet tugas bikin carpon sunda eh ketemu

  7. Mira Hendri

    cakep cakep ya carpon nya

  8. Nita Surita

    carpon paling banyak yang pernah aku lihat nih. asik

  9. Iki

    akhirnya selasai juga tugas bikin carpon sunda pakai yang dari sini

Tinggalkan Balasan