Kaulinan Barudak Sunda Nu Sok Dipaenkeun

Jaman kiwari geus saeutik barudak nu nyaho kana kaulinan barudak Sunda. Komo geus asup internet mah.

Ngan urang kudu ngalestarikeun budaya sunda nu geus aya ti jaman baheula. Kaulinan loba pisan macemna, biasana sok diarulinkeunana pasosore.

Di handap ieu aya genep kaulinan barudak nyaeta:

 

Kaulinan Barudak Lalaki Jajangkungan

permainan tradisional
Gambar Kaulinan Barudak Sunda Jajangkungan.
Sumber: steemit.com

 

Jajangkungan biasa disebut oge egrang. Jajangkungan aya di unggal daerah, kalayan ngaranna oge beda-beda.

Di kuningan jeung Ciamis ngaranna jujungkungan. Di Bandung jeung Sumedang ngaranna jajangkungan, sedengkeun di Jakarta disebutna jangkungan.

Sanajan ngaranna beda-beda, cara jeung alatna mah sarua bae. Jajangkungan dijieunna tina awi. Di tengahna make awi nu dicopongan jang panincakna.

Awi nu dipake biasana awi tali, awi hejo jeung awi hideung, kusabab awi eta kuat pisan jeung teu gampang retak lamun ditincak.

 

Kaulinan ieu alus pisan jang ngalatih kaseimbangan, katahanan fisik jeung konsentrasi.

Jajangkungan ieu biasa dipintonkeun nalika pangeling proklamasi kemerdekaan Indonesia, 17 Agustus.

Versi sejenna diulinkeun oge pas sunatan. Ulin jajangkungan sok resep lamun diulinkeun kelompok, jeung bisa dikombinasikeun jeung maen bal atawa adu kecepatan.

Atawa sering oge dipaenkeun tina katahanan leumpang di luhur jajangkungan atawa saling nanding.

 

Manfaat Kaulinan Barudak Oray-orayan

Gambar Kaulinan Barudak Sunda Oray orayan
Sumber: ridwansoleh.com

 

Kadua nyaeta oray-orayan. Pamaenna bisa 5-10 jalmi. Sok aya lagu nu ngiringkeun permainan sunda oray-orayan.

“Oray-orayan luar leor ka sawah

Entong ka sawah parena keur sedeng beukah

Oray-orayan luar leor ka kebon

Entong ka kebon, di kebon loba nu ngangon

Mending ka leuwi, di leuwi loba nu mandi

Saha nu mandi? anu mandina pandeuri ”

 

Biasana samemeh ulin oray-orayan, sok silih cekel heula taktak trus tuluy maju kakenca katuhu, ngaleor siga oray bari ngawih.

Nu 2 urang silih  nyepeng ramona bari dikaluhurkeun (pikeun lawangna).

 

Jalma nu kahiji disebut “bulan, jalma nu kadua disebut “bintang”, nu lainna ngabaris sabari nyepeng taktak nu dihareupeunanana, tuluy maju asup kana eta lawang.

Tah nalika ditungtung lagu nu eta, pas anu asup kana lawang kapaksa ditewak kunu jadi lawang, tuluy manehna sina milih, rek milih bulan atawa bintang.

Mun milih bulan cicing di tukangeun nu jadi bulan, kitu saterusna nepika beak. Sanggeus beak, ngahasilkeun dua kelompok, nu ahirna silih pabetot betot jiga tarik tambang..

Manfaat kaulinan barudak ieu nyaeta ngalatih kamampuan fisik jeung ngalatih kemampuan seni tina ngawih lagu oray-orayan.

 

Kaulinan Bebentengan

Gambar Kaulinan Barudak
Gambar Kaulinan Barudak Sunda Bebentengan
Sumber: garut.co

 

Barudak jaman baheula sok ngaulinkeun bebentengan. Bebentengan biasana dilakukeun ku dua grup. Masing-masing grup aya 4-8 jalmi.

Carana silih beunangkeun (ditoel) bari ngajaga benteng anu dijaga ku batu, talawengkar jeung sajabana.

Biasana kaulinan bebentengan ieu dipigawe di lapangan, buruan imah atawa galengan sawah.

Manfaat kaulinan barudak bebentengan ngajarkeun digawe babarengan, disiplin, fokus, kacerdikan jeung alus kana fisik.

 

Kaulinan Barudak Susumputan (petak umpet)

Gambar Kaulinan Barudak Sunda
Gambar Kaulinan Barudak Susumputan
Sumber: disparbud.jabarprov.go.id

 

Keur jaman baheula, pasti urang sadayana kantos ngulinkeun kaulinan khas sunda ieu.

Carana dimimitian ku hompimpah kanggo nangtukeun saha anu jadi “ucing” (nu kabagean neangan babaturan nu keur nyumput).

Nu kabagean jadi ucing ieu engkena meureumkeun panon dugika itungan sapuluh.

 

Biasanan si ucing sambari nyanghareup tembok, tangkal,tiang listrik atawa naon we ngarah si ucing teu ningali babaturanna nyumput.

Biasana budak nu pangheulana kapanggih panyumputananan, jadi jaga, mun kabeh budak geus kapangggih.

Manfaat kaulinan barudak ieu alus jang ngasah katilitian, kacerdikan, diajak  ngitung, olahraga , bersosialisasi. Upami loba geurak jadi aktif, ngalatih kreativitas misalna kreatif neanga tempat nyumput anu hese kapanggih kanu lain.

 

Kaulinan Barudak Lalaki Boy-boyan

permainan tradisional sunda
Gambar Kaulinan Barudak Sunda Boy-boyan
Sumber: flickr.com

 

Boy-boyan mangrupakeun kaulinan barudak lalaki nu sok dipaenkeun.

Boy-boyan biasana make bal saukuran bola tenis, tuluy dikumpulkeun oge potongan kenteng sina patumpuk di luhur.

Kabeh anu teu jadi ucing, saurang-saurang ngalungan kana kenteng anu geus ngentep minangka neupikeun salah saurang bisa nagaruntuhkeunanana.

 

Lamun kentengna geus runtuh, anu jadi ucing tuluy ngaberikan ka anu maen tadi sangkan beunang dibaledog ku eta bal.

Lamun aya nu keuna, pamaen kaluar heula tina kaulinan nepika kabeh beunang kabaledog ku balna.

Permainan tradisional sunda boy-boyan ieu alus jang ngalatih konsentrasi jeung telaten. Biasana boy-boyan ieu dipaenkeun di tempat nu lega misal buruan imah, buruan sakola atawa lapanngan.

 

Galah Asin

Gambar Kaulinan Barudak Sunda Galah Asin
Gambar Kaulinan Barudak Sunda Galah Asin
Sumber: cnnindonesia.com

 

Keur jaman baheula urang pasti pernah maenkeun kaulinan nu ieu nyaeta galah asin. Galah asin biasa disebut oge gobak sodor.

Galah asin dimaenkeun ku dua grup , masing-masing tim aya 3-5 urang. Intina urang kudu bisa ngahadang lawan ngarah teu bisa lolos ngalewatan garis nepika baris terakhir.

Ngarah menang, kabeh anggota grup kudu lengkep bolak balik ngalewatan permainan eta. Biasana garis batas dibere tanda make kapur.

Manfaat kaulinan barudak ieu alus pisan jang ngajaga kabugaran tubuh, trus ngalatih konsentrasi oge kusabab urang kudu terus waspada ngajagaan nu rek  ngaliwat.

 

Tah eta teh sababaraha contoh kaulinan di Jawa Barat.

Urang teh sebagai generasi panerus, kudu ngalestarikeun kaulinan khas sunda nu jaman kiwari geus kaelehkeun ku kaulinan teknologi.

Lamun lain urang, saha deui nu rek neruskeun kabudayaan Sunda. Katambah kaulinan fisik teh leuwih loba mangfaatna kana kasehatan awak.

Hayu urang ajak dulur, baraya jeung babaturan ngalestarikeun deui permainan tradisional khas sunda !

 

Kesulitan memahami artikel bahasa Sunda? Silahkan ke kamus bahasa sunda di sini. Tinggal masukkan kata di kolom pencarian, kamu akan temukan terjemahannya.

This Post Has 3 Comments

  1. Lola N

    Lola jadi inget waktu SD baca kaulinan barudak ini

  2. Ika T

    loba nya kaulinan barudak teh

  3. Onal

    Nah nemu juga buat tugas kaulinan barudak

Tinggalkan Balasan

  • Post author: