Mapag Taun Anyar ku Muhasabah

NYERELEKNA waktu ti poe nepi ka poe, tepung minggu ganti bulan datang taun, estuning mani ngan asa sakolepat. Asa cikeneh pisan urang nyorang taun 2018, kiwari kudu geus ninggalkeun deui. Taun anyar  Masehikiwari geus cunduk. Naon nu kudu dipilampah ku urang dina ngeusian taun anyar ieu…?

Mapag taun anyar pikeun urang salaku kaum muslim, teu kudu tuturut munding jiga batur, nyeungeut  petasan, kembang api, niup tarompet  atawa jojogedan nanggap dangdutan  sapeuting jeput bari poho kana solat lima waktu alatan ti wanci lohor nepi ka subuh, waktuna dibeakkeun ku ngulayaban ka tempat-tempat hiburan, karokean nyanyanyian, jeung rupa-rupa pama’siatan dilakonan.

Datangna taun anyar  Masehi, nyangga kawajiban pikeun urang sadayana salaku muslim, sangkan buru-buru ngayakeun  muhasabah  jeung ngoreksi diri masing-masing, ngitung-ngitung amal anu hade jeung anu goreng anu pernah ku urang kaalaman. Sakumaha anu kaunggel dina katerangan: “Lamun pernah ngalaksanakeun kahadean, buru-buru muji ka Alloh. Lamun pernah milampah kagorengan, geuwat istigfar bari mundut pangampura Alloh swt.”

Sabadana urang ngayakeun muhasabah, urang sadar kana naon anu pernah dipilampah ku urang dina jero sataun, kacida hadena lamun urang buru-buru  ngomean diri, geuwat tinggalkeun kabiasaan jeung sipat-sipat anu goreng, sarta buru-buru pindah haluan milampah pagawean anu hade tur pinuji.

Hayu, taun anyar Masehi ieu, urang sami-sami eusian ku beberesih diri lahir batin kalawan gilig meruhkeun sagala  ancaman sareng ujian. Mugi-mugi Alloh swt, maparin kakiatan ka urang sadayana, sareng mugia taun anyar ieu, leuwih alus tibatan taun-taun anu samemehna. Aamiiin…!

 

Tinggalkan Balasan

  • Post author: