Carpon Sunda Pilihan Yang Enak Dibaca

Carpon Sunda|Sobat Medok

Hese ayeuna mah rék meuntas di parapatan Warungkondang téh, mobil méh teu eureun-eureun patingsuliwer, motor patingsariet.

Komo mun pasosoré tas bubaran ti pabrik sapatu Cimangkok jeung ti pabrik Aqua Gékbrong.

Patingsarietna motor jiga kararanggé ngaburiak kaluar tina sayangna kusabab dikeprak ku gantar.

Patingsarietna silih siap, hayang paheula-heula, lat wé poho kana picilakaeun mah.

 

Geus katingali rada rinéh pasuliwerna motor jeung mobil, kakara Pa Fiki ngaléngkah saeutik-saeutik ka béh tengah.

Barang rék meuntas pisan, ti beulah katuhueun, aya mobil ngelaksonan meunang sababaraha kali. Buru-buru Pa Fiki mundur deui ka sisi, sieun kasérépét.

carpon sunda

 

“Ih, mobil téh kalah eureun gigireun!” ceuk gerentes haté Pa Fiki. “Abong mobil anyar,” pokna deui kutuk-gendeng, bari ngarérét éta mobil.

Bareng jeung ngarérét kitu, kaca mobil hareup muka, ari bréh singhoréng Ahmad Maharudin, sobat nu geus lila teu paamprok.

Jut Ahmad Maharudin turun tina mobilna, nyampeurkeun ka Pa Fiki, bari sura-seuri.

“Ih, kalah molotot silaing mah!” ceuk Ahmad Maharudin, bari ngarangkul.

 

“Kagét tuda, manéh turun tina mobil hébat,” ceuk Pa Fiki. Hareneg. “Kasima, euy! Teu nyangka rék papanggih jeung manéh tuda.”

“Silaing ka mana waé atuh geus lila tara nyampeurkeun?”

“Da éta geuning jig ka toko nu di Padalarang, manéh teu nyampak aya, da cénah keur di toko nu di Cipatat. Hiji waktu ditéang ka Cipatat, euweuh deui, keur ka Bandung cénah.”

“Heueuh, urang silih hampura wé, déwek teu kasiwer deuih rék ka imah silaing téh. Lain ari silaing rék ka mana? Hayu bareng atuh!”

“Rék ka mitoha. Ka landeuh, ka Cipadangkalapa. Ngabéjaan Enéng rék ngajuru, ayeuna geus aya di Rumah Sakit Sayang.

Doakeun wé operasi sésarna sing lungsur-langsar! Dioperasina isukan tabuh tujuh cénah, ceuk dokter bedah mah.”

“Kutan kitu, heueuh didoakeun ku déwék sing salamet! Bisi teu bisa buru-buru ngalongok, ieu nyecep saeutik,” ceuk Ahmad Maharudin, bari ngasongkeun duit lambaran beureum. “Hampura wé déwék teu bisa lila ngobrol. Rusuh, aya nu neleponan ti tatadi. Nu ngirim barang.”

“Enya, jung waé, nuhun pisan, Har,” ceuk Pa Fiki, bari nampanan éta duit.

 

Geleser Kijang Inova nomor polisi D 1970 HS ngageuleuyeung ka Bandungkeun, teu sababaraha lila, biur ngabiur tarik pisan. Beuki lila beuki jauh, les teu katingali.

Sanggeus Pa Fiki meuntas jalan, aya di hareupeun rumah makan, jen ngajengjen heula, luak lieuk néangan Mang Ajum, tukang ojég urang Cipadangkalapa. Tatangga mitohana.

“Paingan da teu ngojég!” ceuk gerentes hate Pa Fiki, bari melong beungeut Mang Ajum. “Ti mana heula Mang Ajum, geuning turun tina angkot?”

“Ti Cianjur heula. Aya kaperyogian saeutik. Naha Pa Fiki teu nyandak motor kitu?”

“Nu mawi heunteu, puguh dianggo ku pun anak. Panyana téh moal lami, boro dihégkeun. Diteleponan teu aya ngajawab waé.

Diarep-arep nelepon ti manéhna teu aya deuih. Puguh hariwang sieun cilaka. Mangkaning teu boga SIM.”

“Kitu murangkalih mah, sok pihariwangeun kolot.”

 

“Puguh Mang Ajum, nembé téh kéngéng milik nu teu disangka-sangka ti anggalna.”

“Kéngéng milik ti saha kitu?” tanya Mang Ajum, bari neuteup beungeut Pa Fiki.

“Ti sobat, cekap wé kanggo biaya ngajuru Enéng mah.”

“Nuhun wé atuh. Na sobat di mana kitu?”

“Pada-pada sami ti lembur, ti Cikalongwétan, Bandung Barat. Sobat medok téh sanés bobohongan tuda.

Sosobatan ti keur SD kénéh. Ka ditu ka dieu tara pisah jeung manéhna.

Diajar ngaji, sakola, ngarit, guyang, ngala suluh, tos puguh ulin mah. Istuning tara papisah pisan. Nu sanés mah nyangkana dulur pituin.

Padahal teu bau sinduk-sinduk acan.”

“Aéh, punten abdi kalah ngadongéng, Mang. Bakat ku atoh tuda, tahadust binnimah.”

“Ah, teu sawios-wios naha,” ceuk Mang Ajum bari nyéréngéh. “Ngiring bungah nu aya.”

“Bingahna téh ku tos lami teu paamprok. Ukur tiasa silih teleponan atawa SMS-an.”

“Atuh muhun, tangtosna gé bingah, Pa Fiki.”

 

“Papisahna téh tos lami pisan, sabada neraskeun sakola ka SMA. Abdi mios ka Cianjur.

Ngiring cicing sareng pun lanceuk. Ari Ahmad Maharudin mah neraskeun sakolana ka SMAN di Majaléngka.

Tah ti harita bleng-blengan tara pendak jeung manéhna téh.”

 

“Tamat ti SMA, abdi kuliah ka UIN Bandung, dugi ka réngséna. Teras wangsul deui ka Cianjur, henteu wangsul ka lembur.

Nya ngabaktikeun diri jadi guru bantu (honorér) di SMP PGRI Ciranjang, nu dipupuhuan ku Bapa Drs. Sunarya.

Di ieu sakola, betah ogé ngiring ngajar téh. Pisah-pisah sotéh sabada abdi diangkat janten guru PNS di MTsN Joglo Cianjur.”

“Ké, ké!” ceuk Mang Ajum bari melong beungeut Pa Fiki. “Ari sobat téh, saha kitu?”

“Ahmad Maharudin,” tembal Pa Fiki, bari melong ka Mang Ajum. “Kumaha kitu?”

“Nyandak mobil naon?”

“Kijang Inova.”

“Kijang Inova?” ceuk Mang Ajum bari kerung.

“Aya naon kitu!?” Tanya Pa Fiki gancang, hareneg. Ningali rindat Mang Ajum kerung.

“Har, naha teu aya wartosna kitu?” ceuk Mang Ajum deui, bari neuteup beungeut Pa Fiki.

 

“Nembé téh Kijang Inova tigebrus ka susukan Ciwalén. Nonggéng, huluna kana batu riksek.”

“Tigebrus? Innalillahi, boa-boa….!” ceuk Pa Fiki teu kebat, bari neuteup Mang Ajum. “Gusti! Aduh…., mugi-mugi sanés sobat abdi.

Kijangna hideung?” pokna deui, bari sorana semu ngageter, haroshos.

“Muhun hideung.”

“Allahu Akbar! Hideung, nya,” ceuk Pa Fiki, bari ngarénghap panjang. Beuki samar polah.

Bakat ku banget hariwangna. Késang badag késang lembut tina sakujur awakna patingberebey teu kaampeuh. “Boa-boa enya manéhna!” pokna deui.

 

“Ari Mang Ajum ningali di kieuna?” tanya Pa Fiki, beuki panasaran.

“Kantenan, ceuk paripaos téa mah, Emang teu nginjeum ceuli teu nginjeum mata.

Bangké mobilna gé nembé mah nonggéng kénéh, rupina ngantos mobil dérék. Ari jalmina mah parantos teu aya, dicandak ka rumah sakit Sayang.

Wartosna mah maot harita kénéh gé.”

“Kumaha nya Mang Ajum, sieun sobat abdi. Wiat saur waé ka Ema, abdi hoyong enggal-engal ngabujeng rumah sakit, hoyong ainul yakin,” ceuk Pa Fiki. “Punten wé ngabadéga.”

“Saé, mangga téh teuing atuh, kawas sareng saha waé Pa Fiki mah.”

 

Clak Pa Fiki naék angkot, bari ngarasakeun haténa nu teu pararuguh. Teu kungsi satengah jam nepi ka Cianjur.

Jut turun di palebah SD Ibu Dewi, ti dinya clak deui naék kana angkot 05 B. teu sababaraha lila nepi ka rumah sakit Sayang.

 

Di hareupeun kamar mayit, katingali loba jelema nu sarsup ka jero. Sup Pa Fiki gé asup, bari dagdag-dégdég.

Di éta kamar aya dua mayit nu ngajelepeng dina luhur méja parantina. Lalaunan boéh nu ngabulen sirah mayit katuhueun, dibuka ku tukang ngajaga kamar mayit.

Ari breh…., beungeutna godégan.

 

“Lain, lain Ahmad Bahar. Da manéhna mah teu godégan,” ceuk gerentes hate Pa Fiki.

Geus kitu, bray deui boéh nu nutupan mayit kéncaeun, dibuka cara tadi.

Panon Pa Fiki dibolotot-bolototkeun, bari ngarasakeun jantungna nu degdegan teu eureun-eureun.

“Boa-boa éta layon Ahmad Maharudin mah,” ceuk jero hate Pa Fiki.

 

“Alhamdulillah, Gusti, sanés layon sobat abdi éta mah, nuhun!” ceuk Pa Fiki, satengah ngajerit bakat ku bungah.

Rénghap, ngarénghap narik napas panjang. Haténa nu kebek kahariwang ti tatadi, ngaleungit ngemplong caang narawangan.

 

Penulis carpon Sunda: Dadaj Hidajat Syarief

 

Seru ya carpon Sunda barusan? Lanjut lagi baca carpon bahasa Sunda yuk.

Daftar Carpon Sunda

Kunti Gunung Huut

Si Kukut

Keun Bae

Duh Neng Lis

Nu Miang Jarah

Dina Beus

Ririwa Curug Sendok

Tukang Gorengan

Cucunguk

This Post Has 10 Comments

  1. Anna

    Seneng banget akhirnya ketemu banyak pilihan carpon sunda

  2. rhync

    halo, carpon sunda disini bermanfaat banget buat aku

    1. Roja

      terima kasih kembali

  3. Jenny

    Bagus bagus banget carpon sundanya

  4. Dee Yan

    Akhirnya nemuin juga carpon yang bagus-bagus

  5. Rheni

    ga perlu pusing pusing bikin carpon sunda lagi deh. lengkap banget contoh carpon sunda di website ini

  6. Ita N

    Pas bener lagi dapet tugas bikin carpon sunda eh ketemu

  7. Mira Hendri

    cakep cakep ya carpon nya

  8. Nita Surita

    carpon paling banyak yang pernah aku lihat nih. asik

  9. Iki

    akhirnya selasai juga tugas bikin carpon sunda pakai yang dari sini

Tinggalkan Balasan